contoh dongeng bahasa sunda SAKADANG UNCAL MAOK BONTENG



Sakadang Uncal Maok Bonteng
          Kacaritakeun hiji poe dina hiji leuweung, hirup hiji uncal anu pinter jeung cerdik, pagawean na sapopoe nyaeta jalan-jalan ngurilingan leuweng bari neangan kadaharan, ngan teu jiga biasana, kadaharan anu sok didahar teh ngadak-ngadak jadi euweuh, “kamana bonteng teh, meni hese neanganna, teu jiga biasa, da sarari nage so kaya tangkal na ngabeulit dina tatangkalan nu sejen” ceuk sakadang uncal ngagerentes na hate na.
          Dina eta leuweung teh hirup oge sakadang monyet, anu resep pulak pelak bubuahan jeung sayur mayur, salah sahiji nu di pelak na teh nyaeta bonten tea, “duh bonteng urang tereh panen yeuh, jigana tilu atawa opat poe deui ge bisa di panen” ceuk sadang monyet dina hate na anu keur bungah. isuk na eta bonteng ditinggali deui ku sakadang monyet, “ah bener ieu mah dua poe deui panen teh” ceuk sakadang monyet bari kuralang kuriling ninggalian bonten anu dua poe deui bakal di panen.
          Beda jeung sakadang monyet nu keur bungah, sakadang uncal kuralang kuriling mapai leuweung bari kaayaan beuteung lapar, “duh beuteung meni perih kieu, dua poe teu dahar, na dimana atuh bonteng teh” ceuk sakadang uncal bari beuteung na buburukbukan, dua poe sakadang uncal kuralang kuriling neangan bonteng, sadang uncal geus engap-engapan ku sabab teu kuat deui leumpang, “duh jigana ayena kuring maot” ceuk sakadang uncal anu kalaparan, pas sakadang uncal ngaleret ka gigir, ninggali kebon bonteng anu kacida leubeut na, nyaeta bonteng anu sakadang monyet, “alah gening kuring the te jadi maot ayena” ceuk sakadang uncal bari bungah.
          Pas sakadang uncal rek ngala bonteng, ninggali sakadang monyet keur ngored mersihan kebon, “euleuh gening eta nu boga nage, sakadang monyet, rek menta gengsi, da kuring mah katelah sato anu pinter, maenya jang dahar wae menta” ceuk sadang uncal, akhirna sakadang uncal mikir kumha cara na sangkan bisa menang bonteng, tapi lain menang menta, akhirna sakadang uncal nyamperkeun sakdang monyet, “heuy sakadang monyet keur naon didinya” “eh sakadang uncal, ieu keur ngored, pan dua poe deui rek di panen, jadi di caangan heula meh gampang ke panen na” “oh kitu, lain didinya the di panggil ku raja leuweung” “hah raja leuweung? na dileuweung ieu aya raja kitu?” “na teu apal nyah, pan sakadang maung raja nage, anjen dipanggil pikeun dibere penghargaan ku sabab anjen bisa melak bonteng nepika subur pisan” ceuk sakadang uncal anu rek nipu sakadang monyet “oh kitu nyah? Heueuh atuh” ceuk sakadang monyet “hah katipu siah ku urang, mun panggih jeung sakadang maung mah nya pasti di hakan atuh, dasar monyet boloho” ceuk sakadang uncal bari bungah.
          Akhir na sakadang monyet, indit neangan Raja leuweung nyaeta maung  tea, atuh sakadang uncal kacida atoh  na bisa nipu sakdang monyet, sakadang uncal tului ngadahar bonteng nu sakadang monyet. Di perjalanan sakadang monyet hulang-huleng “lamun urang panggih jeung sakadang maung, meureun urang dahar ku sakadang maung, da sakadang uncal ge osok di udag-udag ku sakadang maung” ceuk sakadang monyet na hate na, ku sabab asa-asa akhirna sakadang monyet balik deui ka kebon na, bari sakalian manggihan sakadang unca da ku sabab maneh na asa di tipu ku sakadang uncal.
          Sanepi na di kebon bonteng, sakadang monyet rewas ninggali bonteng anu dina tangkal teh ngurangan, terus nyampak sakadang uncal anu keur sare kamerkaan “heuy sakadang uncal, maneh nipu siah ka urang, moal mungkin sakadang maung manggil urang jang mere penghargaan, pan maneh oge osok di udag-udag ku sakadang maung, nya bonteng urang beak ku maneh” ceuk sakadang monyet bari ngambek. ngadenge sakadang monyet ngambek, sakadang uncal ngorejat rewas “ampn sakadang monyet, kuring nipu anjen ku sabab kuring kalaparan” ceuk sakadang uncal “lamun anjeun lapar, teu kudu nipu ka kuring, anjen ulah ngarasa boga otak pinter tului nipu ka kuring, kuring melak bonteng lain keur sorangan, tapi sawareh na bakal di bagikeun ka sato-sato anu aya di leuweung ieu, termasuk ka anjeun, jadi lamun anjeun lapar, teu kudu nipu kuring, ngagawean ka kuring, cukup ngomong hayang bonteng, pasti ku kuring di bere”. akhir na sakadang uncal sadar, boga otak pinter teu ngajamin maneh na bisa hirup sorangan, sakadang uncal tului menta hampura ka sakadang monyet.
                                                                                                                        26/02/2017
                                                                                                                        Aulia Rahman

Komentar