contoh sisindiran paparikan



                                                                                               Sisindiran paparikan
Paparikan silih asih
Nengteng cai wadah lohan
Kusabab wadahna Beulah
Neng Ulah sok bobogohan
Mendin hayu urang nikah

Dagang bogo entos seep
Kulantaran kapepet
Da sanes bogoh ku kasep
Pedah kandel isi dompet

Paparikan sesebred
Meulah awi ngala hinis
Dempul bilikna ku kapur
Itu nini meni  geulis
Hanjakal pinuh ku hapur

Aya wedak nu the cucu
Eukeur mojang anu geulis
Itu mojang meni geulis
Hanjakal kandel ku halis

Paparikan piwuruk
Aya mojang meni judes
Tapi aslina someah
Tong hayang ka anak kades
Mun teu acan gaduh imah

Komentar